Basa Sunda Basana Urang Sunda

- 21 Februari 2024, 12:00 WIB
Eulis Saputra, Guru SMPN 1 Cimahi
Eulis Saputra, Guru SMPN 1 Cimahi /Istimewa/

Basa Sunda bisa jadi kareueus minangka panganteur keur nebarkeun élmu pangaweruh di sakola-sakola. Atawa keur para nonoman nu aktif bergiat dina rupa-rupa kaorganisasian.
Kitu deui keur para inohong, pamingpin urang Sunda.
Henteu isin kacaletot nyarita ku basa Sunda

Dipakéna basa Sunda teu kawatesanan ku rohang jeung padumukan.

Basa Sunda minangka basa qolbu urang Sunda miboga ajen inajen tatakrama jeung kaluhungan budi pekerti.

Pentingna miara tur ngamumule basa jeung budaya Sunda jadi tugas urang saréréa, nu ngaku jadi warga Jawa Barat.

Guru-guru basa Sunda, inohong Sunda, budayawan Sunda, politikus Sunda, pamingpin Sunda, masarakat Sunda jadi kader conto panyumanget ngahirup huripkeun basa Sunda sangkan tetep jadi basa indungna manusa Sunda.

Dina raraga Mieling Poe basa Indung sa-dunya, 21 Februari 2024 ieu, basa Indung sing jadi alat pangwaris budaya.

Basa indung, lain ukur pikeun alat komunikasi, tapi jadi alat pamekar jeung pangrojong katut alat rékam nu éféktif kana karancagéan budaya lokal (local genius).

Basa teh fenomena sosial.
Di tempat anu teu aya basana, nya tangtuna masarakatna oge moal aya.

Eta téh salasahiji kakuatan jati diri jeung cicirén atawa idéntitas hiji bangsa.

Di Indonesia oge aya ratusan basa Indung .
Kitu deui, di saban nagara miboga basa indung.

Halaman:

Editor: Alif Niyu Ramdhan Rusyadi

Sumber: Eulis Saputra, Guru SMPN 1 Cimahi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah